Sabtu, 19 Juli 2014

KOTRETAN RASA

 20:20,19/07/14,Gifu prefecture,Jepang

 Kahatur: Nu geulis nu atos janten garwa nu lian

Assalamu,alaikum Wr.Wb.

Langkung ti payun,hampunten geulis, wireh kumawantun medar basa ngaliwatan ieu serat. nanging nyakitu tea,panginten salira ge uningan yen urang teh tos aya nu misah sacara setatus, jeung tibatan kedah ngareumpak agama sareng darigama alatan sasauran langsung, langkung sae ngaliwatan ieu serat.

Saheulaanan, sewu ulah janten bendu, laksa ulah janten duka. Maksad baris medar genang siloka,sasauran sacara basa moal aya anu di dinging kelingkeun, ngadek deuk sacekna,nilas deuk saplasna.
Kumaha sae bageur? mugia we sing aya dina panangtayungan gusti nukagungan urang sadaya sagemlengna. amien. 
Mun tea mah katampi ieu serat kusalira, tangtosna oge panginten aya pertarosan anu timul dina manah. "Naha nanahaonan jeung pasang ngintun serat sagala, kapan sidik tos sanes lain laina deui?" 

Ahhhhh, nyakitu tea, da ngaran ngaran hate atuh di pangpalerkeunge hese,katingal wae salira teh dina goggolak panon, peuting tega kana sare, beurang tega ningalkeun dahar,leuwih wa,as lumpat katempat sare ,ukur guguling anu di gugulung jeung digagalang di pake tilam kaeling. da puguh mung salira ka asih ati,nu endah kaheman sukma. Masih emut munggaran urang patepang, kakaraeun harita ningal istri endah taya papadana lucu taya nu nuruban, dangdosan teu dangdosan, nyatana salira. 

Nya tiharita teu weleh manteng wae ieu qolbu, nu lalar liwat dina emutanteh ngan ukur salira bageur. Reueus geugeut mun pa,anggang, sungkan rasa mun patepang. ajrih bade sasangem oge, teu wantun ningal pameunteu salira. Hamo la,as, sagigireun rasa ikhlas, kanya,ah moal koredas, najan lawas tetep welas.
Eta rasa teh masih masket dugi kaayeuna, sok sanajan tos gaduh kahirupan sewang sewang. 

Sakapeung kapan sok ngalamun, tumaros ka kersana pangeran, naha aya anu nyeri langkung tibatan kieu?,naha naon lepat abdi dugika ngalaman nanasiban anu model kieu?, tapi emut deui sasat anjeuna langkung uninga tibatan manusa. Mun tea mah deuk ngagugu hawa nafsu atawa kapalay salira, geus matak sagala di reumpak, ku hal lantaran teuteup seukeut nganteur teuneung, kiceup meumeut matak ludeung, najan korban jiwa, diri pasrah keur salira. 

Cag heula dugi ka dieu bageur, da munteamah ngareret kasonomah moal lesot lesot, kaya,ah moal pegat, ka,asih moal la,as. Tikatebihan ti dieu di kintun do,a sing sehat salira kalayan aya dina kaayaan bungah manah sugema ati. amien. pileuleuyan jeujeur useup paturay kerenyed deui. hatur nuhun, permios.

Nu nyadiakeun emutan,sareng tanagi kango salira.





Tidak ada komentar:

Posting Komentar